Basa Indung: Banda jeung Ajén Budaya Bangsa

(Dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional)

ku: Ruhiman, M.Pd.

Guru MTsN 2 Bandung Barat

Prakata:

Pada tulisan ini, sengaja saya menggunakan bahasa Sunda sebagai wujud perhatian dan kecintaan pada “bahasa ibu” saya. Dengan tidak mengecilkan peran dan fungsi bahasa ibu (bahasa daerah) lainnya yang digunakan di wilayah  Jawa Barat, semoga tulisan ini menjadi spirit bagi kita untuk lebih mengenal, mencintai, dan memelihara basa ibu sebagai khazanah budaya nasional .

**

Ti mimiti taun 1999 UNESCO (PBB) geus netepkeun tanggal 21 Pébruari minangka Poé Basa Indung Internasional (International Mother Language Day). Wujud pangakuan ti PBB kana basa-basa nu sumebar saalam dunya. Udaganana, sangkan basa-basa éta téh teu tumpur.

Basa indung minangka basa munggaran nu diulik ku hiji jalma ti barang diajar nyarita sarta jadi dadasar pikeun komunikasi jeung sasama anggahota masarakat basana. Di nagara urang basa indung téh réréana basa daérah nu digunakeun di wewengkon-wewengkon Nusantara. Tapi, teu nutup kamungkinan basa indung hiji jalma téh mangrupa basa nasional atawa basa internasional.

Kasang tukang pangakuan PBB kana basa-basa indung teu leupas tina kajadian nu tumiba ka basa Bangla (Bangladés). Sanggeus merdeka tina jajahan Inggris (1947), Pakistan dibagi dua bagian: Pakistan Kulon (Pakistan) nu sapopoéna ngagunakeun basa Urdu jeung Pakistan Wétan (Bangladés) nu sapopoéna ngagunakeun basa Bangla. Pamaréntahna netepkeun basa Urdu sabagé basa nasional. Basa Bangla kudu dileungitkeun tur sagala rupa dokumén resmi nu maké basa Bangla kudu diganti ku basa Urdu.

Panyatur basa Bangla nolak kana éta putusan. Maranéhna ngayakeun démo dina tanggal 21 Pébruari 1952. Puluhan jalma tilar dunya tur ratusan urang tatu dina éta demo. Ahirna, pamaréntah ngabulkeun éta tungtutan, basa Bangla teu tulus ditumpurkeun. Bulan Nopémber 1999 PBB netepkeun tanggal 21 Pébruari dijadikeun poé basa indung internasional (International Mother Language Day).

Basa Sunda salah sahiji tina 718 basa daérah nu kapaluruh di nagara urang (Badan Bahasa, Kemendikbud, 2020). Nepi ka danget ieu, jumlah panyaturna leuwih ti 32 juta jiwa tina gemblengna padumuk Jawa Barat nu kacatet aya 48,27 jiwa (BPS, 2020). Pinujul kadua sa-Indonésia ditilik tina jumlah panyaturna sanggeus basa Jawa. Basa Sunda ogé nempatan posisi ka-32 tina sajumlahing panyatur basa di tingkat internasional (sadunya).

Kuring téh pituin Sunda kasebutna mah. Enya, munseug nilik kana tempat lahir jeung luluhur semet ka bao, sakanyaho mah ngakuna urang Sunda. Munasabah basa Sunda jadi basa munggaran (basa indung) nu diulik dina hirup kumbuh. Tapi, teu rumasa jeung bakal mungkir mun kasebut boga pangaweruh nu onjoy ngeunaan basa Sunda. Cohagna mah, semet ngaku wungkul jadi urang Sunda téh. Parandéné kitu, kuring reueus jadi urang Sunda, wabil husus kana basa Sunda.  

Reueus keur kuring mah upama nilik kana kamekaran basa Sunda kiwari. Hal éta teu leupas tina tarékah urang Sundana sorangan dina ngamumuléna. Salah sahijina, basa Sunda jadi mata pelajaran nu tetep diajarkeun di sakola/madrasah di Jawa Barat ti mimiti SD nepi ka SLTA. Aya program sapoé dina saminggu wajib nyarita ku basa Sunda di sababaraha instansi pamaréntah. Samalah aya sababaraha paguron luhur nu ngasupkeun basa Sunda jadi mata kuliah nu wajib diiluan ku sakumna mahasiswana. Leuwih ti kitu, basa jeung sastra Sunda jadi program studi nu mandiri keur nu boga udagan jadi guru basa Sunda atawa sastrawan Sunda. Atuh ku kamajuan widang téknologi-informasi kiwari, basa Sunda geus bisa dipaluruh dina média digital, kaasup aksara Sundana.

Sagigireun bungahna, aya kahariwang upama nilik kanyataan basa Sunda di tingkat handap, pangpangna di kulawarga. Sedengkeun ari kulawarga pan pamiangan pikeun ngawariskeun budaya. Loba urang Sunda sorangan nu teu ngarasa perelu ngajadikeun basa Sunda jadi basa indung keur anak-anakna. Alesanana rupa-rupa. Ti mimiti basa Sunda leuwih hésé manan basa Indonésia alatan aya undak usuk basa. Séjén ti éta, sangkan budak leuwih ngarti kana kamajuan jaman ku sabab lolobana pangaweruh teh make basa nasional. Jeung alesan lianna.

Kanyataan kiwari nu karasa jeung katénjo. Tulisan-tulisan nu dianggap jadi média pikeun ngawanohkeun basa Sunda, contona dina plang, ngaran patempatan atawa nu lianna di tempat karaméan, salila ieu masih kurang pisan. Dina hal ieu meureun tugas pamaréntah pikeun ngaweweganana dina wujud peraturan (undang-undang).

Tangtuna salian ti basa Sunda nu jadi simbul budaya urang, aya kawajiban pikeun urang ngamumulé basa nasional. Nu dimaksud di dieu, lain kudu silihéléhkeun, ngan kumaha carana sangkan basa Sunda teu bireuk keur urang Sundana sorangan. Dina harti, perséntaseu tulisan nu kudu ditangtukeunana meureun. Ulah jadi basa deungeun-deungeun nu leuwih ngeuyeuban téténjoan.

Hal éta sigana teu nyalahan sabab ditangtayungan ku Undang-undang Dasar 1945. Dina pasal 32 écés ditétélakeun yén,

“(1)  Negara  memajukan  kebudayaan  nasional  Indonesia  di  tengah  peradaban  dunia dengan  menjamin  kebebasan  masyarakat  dalam  memelihara  dan  mengembangkan nilai-nilai budayanya.

(2)  Negara  menghormati  dan  memelihara  bahasa  daerah  sebagai  kekayaan  budaya nasional.”

Bawirasa, tarékah pikeun ngamumulé tur ngajembarkeun basa Sunda nepi ka danget ieu téh can maksimal. Kulawarga minangka pamiangan atikan pikeun anak-anakna, kacida pentingna ngajarkeun basa Sunda saméméh diajar kana basa lian. Nu dipamrih sangkan wanoh tur reueus kana budayana sorangan. Pamaréntah payus pisan upama terus ngajejeran kana sagala rupa tarékah pikeun ngariksa tur ngajembarkeun ieu basa, ngaliwatan peraturan, waragad, jeung nu lianna. Hirup huripna hiji basa gumantung ka panyaturna. Mun pamaréntah katut rahayatna paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngamumulé basa Sunda sageuy lamun basa indung ieu teu mekar ngarandakah.

Basa Sunda téh sakumaha ilaharna fungsi bahasa, jadi média utama pikeun komunikasi, hususna keur urang Sunda. Lian ti éta, jadi média pikeun ngébréhkeun pamanggih, ngungkabkeun parasaan, ogé nepikeun pangaweruh. Kudu diaku, basa Sunda tangtu hengker ku kosa kecap nu mucunghul kabéhdieunakeun. Dina widang téknologi upamana. Ari basa pan sipatna universal. Pikeun ngungkulan kahéngker ku kosa kecap éta, tangtu basa Sunda gé kudu narima (nyerep)  kecap-kecap anyar nu teu nyampak saméméhna (basa kosta). ?ta meureun nu disebut ngindung ka waktu mibapa ka jaman.

Pasualan sarupa karandapan ogé ku basa nasional (basa Indonésia). Pikeun ngungkulanana asa payus sigana méméh narima éta kecap-kecap deungen téh néangan heula tina basa-basa daérah di Indonésia pikeun sasaruanana (padanan. Ind). Dina teu sarua ogé atuh kari dijieun kasaluyuan wé nangtukeun hiji kecap nu dipilih pikeun sasaruanana. Pan basa mah lahir tina kasaluyuan (konvénsi).

Basa Sunda salahsahiji banda urang nu kudu dimumulé. Salian unsur tina budaya, basa ogé jadi pangwangun budaya hiji bangsa. Basa Sunda mangrupa ajén budaya Sunda nu ngagambarkeun jati diri manusa Sunda sarta jadi indikator aya henteuna sélér Sunda di dunya ieu. Taya lian nu dipamrih ku urang, tangtuna ieu basa téh tetep dipaké, dimumulé, turta leuwih jembar ka hareupna.

Basa téh cicirén bangsa. Mun basana kapiara tanwandé kariksa budayana. Pasualan undak usuk nu sok jadi alesan embung nyarita ku basa Sunda, gumantung kana paniatanana. Daék diajar, dibiasakeun dina paguneman jeung tulisan, tur aléwoh, tangtu bisa. Da upama dipaluruh mah jumlah kecap nu kauger ku undak usuk basa, dina émprona mah nu mindeng dipaké dina pakumbuhan teu nepi ka ratusan.

Muga-muga ieu tulisan jadi bahan tapakuraneun, wabil husus keur pribadi sangkan terus miroséa basa indung, bisi pundung antukna diaku batur. Palias jati kasilih ku junti.

Wilujeng miéling Poé Basa Indung Internasional, 21 Pébruari 2021. Rahayu basa indung!